AKANG2 DULURS IG , DI AOS NYA IEU AMANAH ......
Amanat (alm) KH.Khoer Affandi.
(Mudzir'am Ponpes Miftahul Huda-Manonjaya. Tasikmalaya).
1. Sholat awal waktu kalayan berjama’ah
2. Ulah eureun neang ilmu
3. Ulah eureun neang babaturan.
4. Pertahankan aqidah ahlussunnah wal jama’ah
5. Lamun hayang maju ulah eureun mikir
6. Lamun hayang maju kudu daek cape
7. Ulah embung di sebut bodo
8. Ulah embung di sebut sahandapeun
9. Sagala anu tumiba kadiri gara-gara diri
10. Ubar diri aya dina diri
11. Euweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri
12. Harga diri kumaha diri
13. Ari ngitung kudu tihiji, ulah hayang ujug ujug angka salapan
14. Mun nyieun pondasi tong sok waka mikiran kenteng
15. Senajan teu lumpat tapi ulah cicing
16. Sagede-gedena jalan syare’at,ulah matak ngurangan tawakal ka Alloh
17. Tong leumpang dina hayang,tong cicing dina embung,tapi kudu leumpang dina kudu, kudu eureun dina ulah
18. Tong lesot hate tina eling ka Alloh dina kaayaan kumaha wae,sedih,susah jeung bungah.
19. sobat saeutik,hiji musuh loba teuing.
*Wilujeng..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar