Selasa, 26 Januari 2016

dongeng pasosore

DONGENG PASOSORE ......
Geus teu kuat hayang ka cai, paur kababayan, kapaksa nyimpang heula ka pom bensin, lain rek meuli bensin tp rek ngadon ka wc. Untung aya wc nu kosong. Karek oge gog, di wc nu sabeulah deui aya nu nanya:
"Cageur euy?"
"Cageuur...!" ceuk kuring
"Masih gawe di nu bareto?"
"Ah ngeureuyeuh we, da hese neangan deui gawe teh ning!" ceuk kuring bari ngaheujeun. Tapi hate tatanya, saha ieu jelema, make apaleun ka kuring.
"Budak masih keneh dua?"
"Geus tilu ayeuna mah!" kuring beuki panasaran, saha ieu jelema.
"Pamajikan cageur?"
"Pan maot bulan kamari, basa ngajuru keun si bungsu!" ceuk kuring bari rada ngaherekeng.
"Geus heula nya neleponna, ieu di kamar sabeulah aya nu gelo, ngalelewean wae!"
Kuring seuri baning ku ni'mat bari ngalenggak, ampir tijongklok tina kloset. Horeng nu ngomong teh lain ka kuring, tp keur nelepon.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar